Selasa, 20 Maret 2012

contoh teks wawancara bahasa sunda

Teh enong si pangusaha peuyeum
Neng sari : nu ngawawancara
Teh enong : nu di wawancara


neng sari : assalamualaikum !!
teh enong : waalaikumsalam !!
neng sari : punten teh, tiasa nyungkeun waktosna sakedap 
teh enong : oh muhun , aya kaperyogian naon nya ?
neng sari : bade ngawawancara perkawis usaha nu di ulik ku teteh ?
teh enong : oh mangga .
neng sari : dupi wasta teteh teh saha ?
teh enong : wasta teteh Enong Ngatini .
neng sari : teteh linggih timana ?
teh enong : abdi linggih di jl.mudun , pengkolan 
neng sari : tos sabaraha lami teteh ngulik usaha leueuteun tina peuyeum ?
teh enong : kirang langkung nembe 2 taun
neng sari : ari leueuteuna naon wae ?
teh enong : di antawisna , brownies peuyeum, bolu peuyeum , peuyeum bol, donat peuyeum, goreng 
peuyeum jsb.
neng sari : oh, pami peuyeum na.. kenging ngadamel nyalira atau ngagaleuh ?
teh enong : upami abdi mah ngadamel nyalira 
neng sari : ari ieu teh di pasarkeuna ka mana wae ?
teh enong : ka warung" , ka toko" kue , sareng di pasarkeun di toko nyalira.
neng sari : ari kekengingan sa sasihna sabaraha ?
teh enong : kirang langkung 3juta , kadang teu tangtos neng. pami nuju tiiseun mah sok kenging 2juta .
neng sari : muhun atuh, hatur nuhun kana waktosna tos kersa di wawancara ku simkuring.
teh enong : oh, sami-sami neng

1 Komentar:

Pada 2 Juni 2014 pukul 19.56 , Blogger Unknown mengatakan...

abdi nyuhunkeun teks wawancarana nya, kanggo ngadamel soal, hatur nuhun, sateuacanna, ke di cantumkeun pembuatna hehehe

 

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda